headerphoto

Dihandap ieu aya sapuluh ngaran-ngaran istilah pikeun

obahna suku (istilah gerak kaki)

nu sok dipake dina basa Sunda

Ronaldo Nyepak Bal

Najong

Ngeunakeun ramo suku kalawan ngagentak kana barang, jeung sajabana

Nyepak

Ngeunakeun suku kalawan tanaga kana barang (bal, jeung sajabana)

Nalapung

Nyepak ka luhur ku tonggong suku, sanggeus dialungkeun heula

Nejeh

Nyepak ku suku nu tukang

Nalipak

Nyepak ku dampal suku

Nincak

Napakkeun suku

Ngajejek

Nincak barang ngagentak ku dampal suku

Noker

Ngeserkeun barang ku suku rada ka gigir atawa ka tukang

Jengke

Ngangkuetkeun keuneung nepi ka napak ku ramo suku

Ngarengkas

Ngahalangan langkah batur ku suku urang, sina labuh.

Next→
←Prev

Artikel Terkait

Pilih Label

Baca lagi

Tidak ada komentar

No spam, no active link, please ^_^