headerphoto

Jaman kiwari (lain Zaman kiwari, da tina kamus basa Sunda, taya aksara Z), jaman pesbuk (aslina: facebook), jaman gajet (aslina: gadget), jaman maju, loba diantara urang nu geus teu ngagunakeun basa daerah, basa Sunda. Rupa-rupa alesanana, ti mulai teu wawuh nepi ka teu gaul, cenah. Nah, kukituna, hayu urang lestarikeun basa Sunda.

Mun teu ku urang, ku saha deui, mun teu ayeuna, iraha deui, mun teu boga duit, nya nga. . . do'a tur usaha deui, lain ngahutang. Di handap ieu rupa-rupa leumpang (aya lima puluh dua istilah leumpang) dina basa Sunda.

Um Hanif dkk, leumpang deukeut balong

Rupa-rupa Istilah Leumpang Dina Basa Sunda

Narabas

Leumpang di nu bala atawa di nu remet kalawan teu miduli cucuk

Neker

Leumpang di tempat nu nanjak pisan

Nelenden

Leumpang budak, anca, pikalucueun

Nelenyeng

Leumpang nu asalna anca ujug-ujug gancang

Niliktik

Leumpang budak nu kakara bisa leumpang gancang, titiliktikan ka ditu ka dieu

Nolog

Leumpang talag-tolog (lantaran teu awas) di nu poek

Noyod

Leumpang nurutkeun karep sorangan, teu milare ka nu nyaram

Ngabadaus

Leumpang semu gancang, teu luak lieuk

Ngabengbeos / Mengpeos

Leumpang teu luak lieuk, biasana lantaran aya kakeuheul, kateusugema, jst

Ngadaligdeug

Leumpang kawas nu mabok, jarugjag-jarigjeug, kawas nu rek titotolonjong

Ngadedod

Awewe nu leumpang anca sarta biritna ka kenca ka katuhu

Ngadigdig

Leumpang gancang sarta segut

Ngadigleu

Leumpang kendor, semu beurat ngalengkah

Ngadudud

Leumpang gancang teu luak-lieuk

Ngagandeuang

Leumpang salse, dada ajeg, bari keupat laun

Ngageang

Leumpang semu egang

Ngageblay

Leumpang awewe, anca, bari keupat laun, geblay-geblay

Ngeteyep

Leumpang laun, biasana ku keur ngintip, sieun kadenge atawa katempo ku batur

Ngageblig

Leumpang bari neundeut-neundeutan suku tepi ka kadenge sora blig, blig, blig (sabalikna tina keketeyeupan)

Ngageboy

Leumpang awewe rada lintuh, awakna semu leuleus

Ngagegag

Leumpang kendor semu bareurat awak

Ngagegot / Ngagiyet

Leumpang awewe bari semu ngobah-ngobahkeun bujur

Ngagilincing

Sesebutan keru nu leumpang teu mawa naon-naon

Ngagiplek

Leumpang awewe nu gendut, bujurna guplak-giplek

Ngagitek

Leumpang awewe bari semu ngagutak gitek bujur

Ngalanggeor

Leumpang awewe, biasana nu leggik, nu alus katempona

Ngalejeg / Lajag-lejeg

Leuleumpangan di hareupeun batur bari ambek

Ngalenghoy

Leumpang alon lantaran cape

Ngaleyad

Leumpang anca diaplen

Ngincid

Leumpang gancang sorangan

Ngiciprit

Leumpang keur waktu hujan atawa loba keneh cileuncang

Nyelengceng

Leumpang gancang sosorangan, miheulaan batur

Nyerenteng / Nyirinting

Leumpang semu lumpat nyampeurkeun batur, bari ambek

Rarampeoleun

Leumpang semu leuleus, nu keur mabok, jst

Rincug

Leumpang teu bener lantaran nyeri dampal suku, atawa leumpang di nu bala sieun kacugak lantaran teu make sendal atawa sapatu

Sasampoyongan

Leumpang gagaleongan, nu keur mabok, jst

Seseleket / Seselendep

Leumpang di antara jelema loba

Tonggoy

Leumpang teu luak lieuk, bari tungkul, teu mirosea ka nu ngageroan

Totolonjongan

Leumpang kawas nu rek tijongjolong

Turugtug

Leumpang gancang di nu mudun

Tuturubun

Leumpang turun rurusuhan, buru-buru

Boyot

Leumpang kendor bangun bareurat awak, mindeng katinggaleun batur

Deog / Pengkor

Leumpang dingdet lantaran suku nu sabeulah rada pondok

Dohot-doho

Leumpang lalaunan bari semu dodongkoan cara peta nu ngadodoho

Egang / Egol

Leumpang cara budak nu anyar disunatan lantaran bisul dina palangkakan

Gonjleng

Leumpang awewe bari ngobah-ngobahkeun awak, hayang narik perhatian lalaki

Ingkud-ingkudan / Jingkrung

Leumpang teu bener lantaran nyeri suku

Jarigjeug / Jumarigjeug

Leumpang bari semu rek labuh, biasana jalma nu geus kurang tanaga atawa nu kakara hudang gering

Jingjet

Leumpang semu hese ngalengkah lantaran cacad suku atawa make samping nu hereut teuing

Kepoh

Leumpang teu bener lantaran tuur rada paadu, meh kawas aksara x

Kukurubutan

Leumpang rada dodongkoan di nu bala atawa di nu remet kakayon

Moyongkod / Mongkoy

Leumpang anca rada dongko, nembongkeun ulat sieun atawa era.

Next→
←Prev

Artikel Terkait

Pilih Label

Baca lagi

Tidak ada komentar

No spam, no active link, please ^_^