headerphoto

Dihandap ieu aya dua belas ngaran-ngaran istilah pikeun

obahna sirah (istilah gerak kepala)

nu sok dipake dina basa Sunda.

Messi Tungkul Ninggalkeun Lapangan

Dangah

Sirah rada ditanggahkeun

Gideug atawa Gigideug

Ngobahkeun sirah ka kenca ka katuhu, satengah muih, tanda embung

Godeg

Ngobahkeun sirah dina keur ngigel nurutkeun wirahma gamelan, palebah sora goong

Gagodeg atawa Gogodeg

Ngobahkeun sirah sababaraha kali, nandakeun heran atawa embung

Lieuk atawa Ngalieuk

Ngobahkeun sirah ka kenca atawa ka katuhu lantaran aya nu ditenjo

Ngalehleh

Sirah ngulahek, teu bisa ngajegkeun sirah lantaran cape atawa gering ripuh

Ngalinggek

Ngobahkeun sirah rada ka gigir, peta nu ngigel lamun rek malik

Lunggak-linggek

Ngalinggek sababaraha kali, peta awewe nu gumelis atawa ogo

Ngaheluk atawa ngaheruk

Sirah tungkul bae lantaran bingung atawa era

Tanggah

Nenjo ka luhur bari ngagerakkeun sirah, supaya neungeut nyanghareup ka nu nenjo

Tungkul

Sirah rada ngeluk bari nenjo ka handap

Unggeuk

Tungkul sakeudeung tuluy cengkat deui, nandakeun daek, panuju.

Next→
←Prev

Artikel Terkait

Pilih Label

Baca lagi

Tidak ada komentar

No spam, no active link, please ^_^