headerphoto

Dihandap ieu aya dua puluh opat ngaran-ngaran tukang nu sok disebut dina basa Sunda. Mulai ti panday, nu hartina tukang nyieun parabot tina beusi, nepi ka maranggi, nu hartina tukang nyieun landean jeung sarangka keris.

panday
Panday

Ngaran-ngaran Tukang

Panday

Tukang nyieun parabot tina beusi

Gending

Tukang nyieun parabot tina kuningan

Kamasan

Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak

Paledang

Tukang nyieun parabot tina tembaga

Merebot

Tukang nakol bedug

Nyarawedi

Tukang ngagosok permata

Pacakar

Bujang, juru laden

Palatuk

Iber anu tumpak kuda saheulaeun pagagung

Palika

Tukang teuluem, ngala lauk

Pamatang

Tukang moro, nu sok ngagunakeun tumbak

Pamayang

tukang ngala lauk di laut

Paneresan

Tukang nyadap

Paninggaran

Tukang moro

Sarati

Tukang ngusir gajah

Anjun

Tukang nyieun parabot tina tanueh

Bujangga

Tukang nyieun atawa nulis carita

Candoli

Tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan, biasana awewe

Kabayan

Tukang dititah ka ditu ka dieu

Kajineman

Mandor sakitan, tukang ngajaga jinem (nu dihukum)

Kebojengkeng

Tukang ngagusur padati

Kuncen

Tukang nguru kuburan

Legig

Tukang ngasruk dina pamoroan

Malim

Tukang nalukkeun sasatoan

Maranggi

Tukang nyieun landean jeung sarangka keris

Sumber gambar: Kompasiana - Pandai Besi Kebanjiran Order

Next→
←Prev

Artikel Terkait

Pilih Label

Baca lagi

1 komentar

No spam, no active link, please ^_^